Jumat, 03 April 2009

TKI di Arab Saudi

TKI di Arab Saudi


kacaritakeun dihiji lembur aya hiji pamuda nu kakara balik jadi TKI di arab saudi, kabejakeun si eta pamuda teh mawa babawaan loba pisan keur oleh-oleh jang pamajikana dilembur, tayohna mah eta beja teh kadengeeun ku bangsat anu geus biasa ngaranjah eta lembur, panjang carita eta bangsat teh geus siap-siap erek ngajorag imah TKI tea engke peuting.

kacaritakeun eta bangsat teh geus ngadakom dina kenteng nunguan nu boga imah sare, sanggeus lila di tungguan nu boga imah teh can sare wae kadon hayeuh ngobrol terus sosonoan dapuguh geus lila tea teu panggih.

sibangsat geus teu kuat cangkeuleun nungguan bari ngadedengekeun nuboga imah, bari pok salakina ngomong ka pajikan na salakina: euh nyi meni liket asa ketan kieu. ceuk salakina...

pamajikan na seuri bari ngarangul... ngadenge kitu sibangsat anu geus lila nungguan beuki keuheul wae atuh, jrut manehna turun tina suhunan bari pok ngomong "oncoman we sakalian ajig....bari dirigdig lumpat si bangsat teh. teu kosi lila eta bangsat teh balik deui bari " jedak...najong bilik manehna ngomong deui dasar ulen siah... dirigdig deui we eta sibangsat teh lumpat

Carita Sunda

Carita nu ka hiji
Abah jalan-jalan jeung urut kabogoh ka Ginza Jepang.Geus jam 2 beurang can
dahar waé, atuh puguh lapar pisan.

"Mah lapar henteu?", ceuk Abah

"Ih puguh atuh, ieu beuteung mani kukurubukan kieu"

"Wah lamun aya restoran Padang mah ngeunah meureun"

"Enya nya, biasana gancang, teu perelu mesen heula"

"Tuh aya restoran nu palayana maké robot!"

"Enya nya, maké robot mah sigana gancang disuguhkeunana"

Kacaritakeun, sup wéh ka restoran robot éta.

Gék diuk pahareup-hareup jeung urut kabogoh Abah.

Enya waé palayana téh robot.

Robot datang ngadeukeutan, pék ngomong :

"What is your nationality?
", robot nanya.

"Indonesia" ceuk Abah.

"Selamat datang", ceuk robot maké bahasa Indonesia.

"Apa bahasa suku Anda?", robot nanya deui.

"Sunda", ceuk Abah.

"Wilujeng sumping. Badé pesen naon?" ceuk robot maké basa Sunda.

"Aya lotek?", ceuk urut kabogoh nanya ka robot.

"Aya"

"Pesen dua porsi"

"Porsi ageung atanapi alit?

"Porsi ageung"

"Sabaraha céngékna?"

"Nu hiji dua, nu hiji sapuluh"

"Nganggo kangkung?"

"Enya"

"Nganggo waluh?"

"Enya"

"Nganggo engkol?"

"Enya"

"Badé engkol ti China atanapi asli Jepang?"

"Nu mana waé lah", Abah mimiti rada ambek.

"Kacangna badé diréndos atanapi di blénder?"

"Kumaha sia !"

"Kacangna setengah mateng atanapi mateng?"

"Goréng sing garing!"

"Nganggo goréng bawang henteu?"

"Maké kéhéd!" Abah sesengor tarik pisan.

"Dibungkus daun cau atanapi dipiringan?"

"Dipiringan !"

"Lisahna margarine atanapi lisah kalapa?"

"Jalantah kuya !" bari ambek da geus aya sapuluh menitna.

Robot cicing, lampuna buburinyaian, sigana mah keur proses.

Kira-kira tilu menitan kakara robot téh ngomong deui :

"Hatur nuhun. Pesenan katampi. Mung teu tiasa dicumponan"

"Naha? Geus lila-lila tanya-jawab teu bisa dilaksanakeun?"

"Kumargi teu acan aya jalantahna..........."

"Bisa gélo aing ! Yu Mah indit, teu jadi dahar didieu ah !"

Carita nu ka dua
Si Soma bujang lapuk anu hideung lestreng meunang THR anu lumayan.
Kacaritakeun manéhna jalan-jalan ka Maribaya méakeun kapanasaran. Si Soma
tumpak beus kota ti St Hall anu heurin pasedek-sedek, kapaksa nangtung. Di
jero beus aya aki-aki jeung nini-nini bulé anu nangtung ogé. Basa Inggris
Soma ngan pas-pasan pisan, kitu gé pédah baé aya kursus gratis di
kantorna, tapi kulantaran si aki-aki bulé ngajakan ngobrol, nya kapaksa
ngaladénan.

"What country do you come from?"

"Indonesia Sir !"

"Oh, I thought you an African's negro. Can you speak English ?"

"Yes Sir".

"So, please explain me about your family in English".

"Oh, I can't Sir !"

"Why ?"

"Because I have no family in English !"

"????" (aki-aki bule ngahuleng)



Bari jeung rada teu ngarti si aki-aki bulé terus ngajakan ngobrol.

"By the way, where were you born?"

"Bandung Sir"

"Which part ?"

"All of me Sir, from my leg up to my head"

"????" (aki-aki bule teu ngarasa heran)



Palebah Lédeng aya ucing ngaliwat, beus ngerém ngadadak, si Soma nincak
suku si aki-aki bulé.

"Oh, I am sorry !", ceuk Soma

"I am sorry too"

"????....I am sorry three"

"What are you sorry for?"

"???.....I am sorry five Sir"

"?????" (aki-aki bule lieuren)



Dasar suku si Soma hompimpah alias jébrag (maklum ti leuleutik tara maké
sapatu), manéhna nincak suku nini-nini bulé anu nangtung sagigireun
aki-aki bulé téa bari jeung teu karasaeun. Si nini-nini bulé sigana keur
séwot.

"Hey young man ! By doing like this, you will go to hell!"

"Oh ? Stop pir! Kuring salah beus, sugan téh ka Maribaya!"

"?????" (aki-aki jeung nini-nini bule silih teuteup bari jeung teu ngarti
kana polah si Soma)