Sabtu, 14 Agustus 2010

Basa Bapa-Bapa Balanja Ka Palasar

Basa na Salasa jam dalapan Mang Dadang ngahaja jalan ka pasar Majalaya hayang balanja lalab-lalaban jang sarapan. Barang datang ka pasar nyampak kang Dana mamawa anakna balanja kalapa salapan.

Mang Dadang :"Naha kang balanja kalapa? Kan kang Dana aya tangkalna dalapan?"

Kang Dana :"Ah … nya jang babawaan ka bapa mang, bapa saya hayang martabak kalapa…mang Dadang balanja lalab? Mana samarana?"

Mang Dadang :"Aya tah laja ... salam."

Kang Dana :"Naha laja salam, mang Dadang tara masak nya? Tah bawa kalapa jang lalab mah."

Mang Dadang :"Nya lah ngajaran dahar lalab aya kalapaan …. mangga Kang."

Kang Dana :"Mangga…."

Mang Dadang kapaksa mamawa kalapa, padahal kahayangnamah mamawa samangka sakaranjang jang anak-anakna. Kang Dana mapay-mapay jalan satapak, rada hanjakal mamawa kalapana ngan dalapan... TAMAT... dadaaaah

Jiang Zemin Orang Garut ?

Kabayan : "Abah kenal teu ka Jiang Zemin ?"


Abah : "Nya apal atuh, mantan Presiden Cina sampai Maret 2003"

Kabayan : "Uiii hebat euy ..."


Abah : "Abah teaaa ....", bari ngusapan kumis bakat ku bangga


Kabayan : "Bejana Jiang Zemin teh aslina orang Garut nya Bah."


Abah : "Ah... ceuk sahaaa ...??"


Kabayan : "Da ngaran aslina mah cenah Ujang Jamin, ngumbara ka Cina ganti ngaran jadi Jiang Zemin ... hehehe ... Kabayan tea..." bari gura-giru ngaleos


Abah : "Dasar si borokokok !!"

Senin, 13 April 2009

Kang Tito Utah di Bes

Kang Tito urang Kuningan rek ka Bandung, sabab tara naek mobil maklum urang desa

dina mobil bes pinuh ku panumpang, manehna teu kuat hayang UTAH ,neangan keresek teu mawa, untung manehna make kopeah, kang tito luak liek eweh nu nempoen, pikirna borolo-borolo utah kana kopeah tuluy di tutupan ku saputangan saenggesna utahmah manehna sare tibra naker.

CAHEM HABIS CAHEM HABIS CEUK KENEKTUR kang tito rewas tuluy kopeah di pake atuh utah na rambay kana sirahna sekian karunya Kang Tito.

Minggu, 12 April 2009

Angkot Jeung Ojeg

Di hiji jalan aya angkot jeung ojeg silih siap.

Duanana katinggali pada-pada napsu hayang nyusul.
Nepi ka hiji pengkolan duanana eureun sakaligus.
Supir angkot kaluar tina mobilna, bari langsung sosorongot ka tukang ojeg,
"Kunaon sia ngudag-ngudag aing?"
"Ari sia, kunaon ngudag-ngudag aing oge?", jawab tukang ojeg.
"Aing mah diudag pulisi", ceuk supir angkot.
"Aing oge," jawab tukang ojeg.

Selasa, 07 April 2009

Tuhan Tolong - Derby Romero [Requestan Nenk Vta]

ku rasa getaran cinta
di setiap tatapan matanya
andai ku coba tuk berpaling
akankah sanggup ku hadapi kenyataan ini

reff:
oh tuhan tolonglah aku
jangan lah kau biarkan diriku
jatuh cinta kepadanya

sebab andai itu terjadi
akan ada hati yang terluka
tuhan tolong diriku

walaupun terasa indah
andaikan ku dapat juga dirinya
namun ku harus tetap bertahan
menjaga cinta yang tlah lebih dulu ku jalani

repeat reff

sebab andai itu terjadi
akan ada hati yang terluka
tuhan tolong diriku

repeat reff

tuhan tolong diriku

sebab andai itu terjadi
akan ada hati yang terluka
tuhan tolong diriku